SELAMAT DATANG DI BLOG KEMISTERIAN CINTA - IZOEL YOEZMANN

Puisi Sunda

"Nyai...."

Halimpuna sora peuting nyorangan
basa kamari ngukir carita katresna
dina palapah hate anu tos renggat
ku carita anu kamari ngaraheutan

Nyai... salira anu nyicingan hate ayeuna
anteng dina jero pikir akang
pa amprok dina jero kalbu...
bari imut nga gelenyu.....

Nyai... mugia urang bisa ngahiji
lain saukur  dina lamunan atawa impian

1 Januari 2010



"Kamelang"


Hariringna angin peuting ayeuna
mawa kamelang ka diri salira
anu maturan duriat dina lamunan
anu eces katingal dina panon katresna....

Bentang anu nyaksian peuting ayeuna
jadi saksi ngolebatna anjeun dina lamunan
calik dina amparan duriat kaasih....
ngantosan dina lawang gapura cinta..

---ZY---



"Wanci Kamari..."

Wanci kamari....
Waktos urang ngunder rasa ka asih...
mapay dina galengan duriat urang duaan..
karasa pisan wakca anjeun anu maturan janji..
"urang bakal ngahiji, dina janji anu sugri"

Tapi, Janji teh mung saukur ucap
mung saukur maturan jalir..
padahal, cai ka heman teh mung ka anjeun
kaasih teh mung ka salira...
teu disangka anjeun menta mungkas ka asih urang....

Tah di dieu,hujan girimis jaradi saksi.
Anjeun pamit mawa cimata amis....
Teungteuingeun, geuning anjeun geus buled hate.
Pileuleuyan atuh geulis, peuting ieu ukur lamunan....

(Carita anu Kamari)




--Cinta anu Saliwat--

Haliwirna angin peuting ieu mawa beja anu teu pasti...
salawasna tiis ku katresna anu tos sirna..
nyatana cinta teh ngan saukur saliwat..
mawa kabagjaan dina duriat anu tos pegat..

nyatana cinta anu mawa panggebrah manah teh
ngan saukur carita anu nurih peurih kana hate..

--Nyorangan jeung Kalangkang, Agust'10--





"Wuwung Kaasih"

Wuwung kaasih nu kamari miis kuhujan cimata
katarik ku lamunan anu bareto
anu sirna ku lalampahan jalir manehna
meulah pikir katresna nu duaan...

Geuning duriat teh mung impian wungkul
ngundeur pangharepan jeung kabagjaan...
boa kaasih sajati teh ukur kalangkang sulaya
anu ngan saukur carita budak angon...

Tuh saksina angin peuting ayeuna
hiliwirna peurih mapay gigir manah
ngaraheutan ku hinis kabohongan
anu mawa girimisna katunggaraan.....

23:24






Junjunan (1)

Galindeungna hujan ti beulah wetan...
maseuhan duriat nu kantos pegat...
mawa carita kaendahan diri salira
anu mantak nyaringkeun tibrana katresna...

Junjunan...
gupay salira mawa harti ka diri abdi
mawa sumangetna hate nu kamari raheut...
raheutku harupat kasatiaan....

Junjunan...
salawasna endah mun kiwari salira datang..
mawa pangharepan tembang katresna...
mawa konci kasatiaan keur urang duaan...


Hujan dipoe Salasa...Juni'10







"Carita Cinta Katukang..."

Dina mapay carita nu katukang...
waktu ngarasakeun ni'mat cinta nu munggaran..
tina hate ukur ngucap endahna diri anjeun..
kuring nyaah ka salira....!!!

Tapi, cinta teh sirna sapada harita...
kukasatiaan nu salawasna teu nyata..

Kolebatna kanyaah teh mung saukur ngondang cimata...
Nyurulukna cai kasatiaan teh mung saukur basa..
Kaheman teh teu bisa dicangkreudkeun deui...
Nutupkeun panto tembang cinta duaan....

South Banten, June'10